Jumat, 30 Maret 2012

UBAR GALAU

Galau teh hiji panyakit
RASA, datang nyerang
jelema dimana keur
sorangan.
Kiwari aya ubar jang
panyakit galau anu
kacida mujarab.
Tingkatan galau jeung
ubarna aya 3 level :
1. Low galau, galau
tingkat ringan, ubarna
cukup ku nyabutan bulu
kelek, atawa bulu irung
nalika galau datang.
2. Medium galau, galau
tingkatan sedeng, tah
mun iyeu ubarna ku cara
ngorong dibarengan ku
ngagere ceuli, nalika
kaserang galau.
3. Hight galau, galau
tingkatan luhur, tah jang
ngubaran galau tingkat
nu iyeu mah kucara hitut
cing badag, tuluy ambuan
ku sorangan, maka rasa
galau bakal leungit,
diganti ku rasa bau hitut.

Kusabab panyakit galau
nyerangna keur
sorangan, maka cara nu
leuwih alus jang
ngubarana mun
dilakukeun dinu loba
jelema, conto : mun keur
kaserang galau tingkatan
luhur (Hight galau), buru-
buru nyampeurkeun
riungan jelema, pek weh
hitut cing badag, tuluy
ambuan ku sorangan,
mun nyesa leuwih alus
mun hitutna dibagikeun
ka kabeh jelema anu aya,
dijamin rasa galau bakal
leungit diganti ku rasa
era, mun pada nyurakan,
rasa nyeri mun pada
maledogan..

Mangga wilujeng
nyobian..!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar