PUTRA SETIA, NUGRAHA UTAMA, PUTRA UTAMA, jeung DEDI JAYA, hidep opatan teh PUTRA BUNDA. Oge putri ibu: LORENA jeung BINTANG PERMATASARI, salila aranjeun kumelendang di bumi alam, DOA IBU teu weleh pegat, ibu ngaharep hirup aranjeun neangan SUMBER REJEKI kalayan tarekah nu BUDIMAN, BIJAKSANA, jeung dibarengan SABAR SUBUR ameh LANGGENG JAYA. Tong poho lobakeun SAHABAT jiga JUSUP SEKELUARGA, rek jeun...g urang Pasar KRAMAT DJATI atawa jeung urang WANARAJA ge nu penting sing meunang PAHALA KENCANA. Memang hirup lain RAJAWALI atawa GAGAK RIMANG, nu PERKASA bisa ngahontal BINTANG KEDJORA kalayan MERDEKA. Hirup saenyana dibarengan ku sikep PATRIOT jeung PRIMAJASA ka nu lian. Hirup aranjeun di alam PARAHYANGAN lemah caina SANGKURIANG, kudu bisa nyaangan SINAR PASUNDAN lir BIMA SUCI jeung ARIMBI nu HARUM ngaranna pinuh ku DWI KARYA.
Cag, ibu bade MIOS heula!
Cag, ibu bade MIOS heula!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar