"Mang, mésér baso !"
"Séép !"
"Itu seueur kénéh !"
...
"Teu dijual !"
"Geuning batur bieu mareuli ?"
"Enya, ka manéh mah teu dijual !"
"Ih, naha ?"
"Bongan manéh mah mun meuli téh sok ngalilieur !"
"Moal atuh mang ayeuna mah ! Suér !"
"Ah, meugeus indit kadituh !"
"Ke heula Mang.."
"Meugeus ah, manéh mah sok ngalilieur ah..!"
"Ari bisi lieur mah ku abdi ditulis atuh pesenana nya ?"
"Tah, mun kitu mah mendingan.."
"Kela nya Mang.."
"Sok, sing jéntré !"
"Enya, kéla atuh.."
Kotrét manéhna nulis pesenan baso.
Song, dibikeun ka tukang baso.
Ditampanan éta tulisan téh ku tukang baso.
Naaaa ari dibaca, tukang baso ngadadak kerung.
Kumaha teu kerung atuda geura da tulisanana jiga
kieu :
"1O 8un9ku5 : dU4 B45On4 b43, t0N9 n94n99O S4L3Dr1, L4d44n
54k3d1k, c41n4 r4d4 53u3ur, t1lu n94n99O m1 K0n3n9, b4S0n4
d1L4n9kUn94n c41n4 S3d3N9, T0n9 D1L4d44n h171, nU dU4 m4h
l4d4 p1s4n. du4 d3u1 c4mpur b1Hun, b4w4n9 90r3n9na s1n9
53u3ur, t4p1 t0n9 a51n t3u1n9, h171 c41-n4 k4 53ueur, h171 d3u1
b145a w43. H171 d3u1 B1hun wun9Kul, b450n4 51n9 53u3ur,
n94n990 54l3dr1, t4p1 t0n9 d1p3c1n4n. ok3h ?
M0nt0ng b1l4ng w0w.. b151 d1k4d3k ku 41ng.."
"Astagpirulooooh al adiiiiiiiim ! Dasar budak eusleum siah téh !"
Tukang baso ngaléos indit, gura-giru ngadodorong rodana.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar