"Tina sajumlah pangajaran anu diajarkeun di sakola, pangajaran naon anu pangdipikaresepna ?" ceuk tim uji publik Kurikulum 2013 nanya ka Ocad.
"Pangajaran istirahat," tembal Ocad yakin pisan.
"Pangajaran istirahat," tembal Ocad yakin pisan.
________________
Anu nyababkeun seger jeung ni'mat ngaleueut TEH BOTOL DINGIN teh huruf "T", da upami teu aya huruf "T" mah . . . . .
________________
Nun Gusti, mugia abdi tiasa ditebihkeun tina sagala KAGORENGAN sapertos gehu, bala-bala, cireng sareng nu sanesna. Amin
________________
Urang mah percaya pisan ka bank teh, duit ditabungkeun jeung didepositokeun, sertifikat tanah, BPKB jeung SK Pengangkatan dititipkeun. Ari bank ka urang siga nu teu percaya ? Buktina, pulpen nu hargana ukur dua rebu perak oge ditalian ? Asa teu adil pisan !!!
___________________________________
___________________________________
Sakadar catetan kanggo urang, yen kakasepan sareng kageulisan mah moal tiasa diangge jaminan, margi nu tiasa diangge jaminan mah iwal sertifikat tanah sareng BPKB.
________________
Bohong, lamun aya anu nyebutkeun yen tempe teh kadaharan anu gede proteinna. Nu puguh, tempe mah kadaharan anu bisa nyababkeun darah tinggi. Buktina, basa Ceu Ikoh saminggu terus-terusan nyayagikeun deungeun sangu tempe jeung tempe, darah tinggi Kang Suryana langsung naek. "Naha dahar teh jeung nu kieu wae ?" ceuk Kang Suryana bari ngagebrag meja makan.
________________________
Rada aneh dokter mah. Ari nulis resep acak-acakan siga cakar hayam, ari nulis kwitansi mani jelas pisan ?
____________________
Sarerea pasti kungsi ngadenge dongeng tuyul. Enya, tuyul teh sabangsa dedemit anu sok maling duit. Kumaha pancakakina tuyul jeung kecit (anu sarua sok maling duit), urang pasrahkeun we ka pamarentah satempat pikeun ditalungtik. Husus perkara tuyul, aya kapercayaan masarakat, cenah lamun duit urang embung dipaling ku tuyul, diteundeunna kudu dina Al Qur'an, sabab tuyulna bakal sieuneun. Tapi "tuyul" anu ayeuna aya di Gedung DPR-RI mah teu percayaeun jeung teu sieuneun, da geuning duit keur nyitak Al Qur'an oge dipaling ?
Moal aya maling duit anu sok muka Qur'an kitu deui moal aya nu sok muka qur'an maling duit..
Tidak ada komentar:
Posting Komentar